Selasa, 02 Mei 2017

MATA KA SIMPE


Ngagambar sarébu mata kasimpé 

Mata. Merul tina sapasang panon anjeun 

Panon. Nu hanjat ka basisir, basa ombak 

Mulangkeun mangpirang sarah parahu tatu 

Jauh. Ti dasar sagara kasono 

Tepung deui jeung anjeun, suku langit 

Teu weléh maleukmeuk. Laut hawuk 

Sanggeus lawas nguluwut leungiteun sajak cinta, 

Layar-layar, camar, ungkara mutiara; iwal 

Sapasang panon anjeun nu haat balabuh 

Sabada taun-taun pajauh 

Kuring anteng ngagambar sarébu mata kasimpé 

Segak hégak warna. Muriang 

Ngaranggeum implengan, ngalenyepan 

Sarta ngaguratkeun isarah rindat-rindat 

Rusiah. Sarébu mata kasimpé 

Rabeng patinglémbéréh ngébréhkeun raheut sewang-sewang 

Lir sarébu parahu nu ngakut sarébu dunya 

Ti sarébu panyajak nu paragat dina kamar kecapna séwang-séwang 

Kuring ngababakan, mites-mites régang usum 

Ngawangun saung kasabaran. Sabab surti 

Lalampahan baris ka jaruji, lebah dieu, 

Gumulung jeung peurih kikisik 

Mun peuting, mun peuting nyéblokkeun kelemeng 

Kuring, jeung angin nu satia, nyerebungkeun durukan daun garing 

Ngawur-ngawur arak kana rengat hawa 

Sangkan warna langgeng mekar jeung rupa rusiahna 

Boa mangabad-abad, ngagambar sarébu mata kasimpé 

Mata. Tina sapasang panon anjeun 

Panon. Nu hanjat ka basisir 

Mulangkeun mangpirang sarah parahu tatu 

Jauh. Ti dasar sagara kasono