Selasa, 02 Mei 2017

HARIRING NU KUNGSI NYANDING

Purnama nu kungsi nyanding
Ayeuna urang ditepangkeun deui
Anu kungsi kapiati
Kiwari datang ka buruan deui

Hariring nu kungsi nyanding
Ayeuna datang ngahaleuang deui
Hayu pataréma leungeun
Cacapkeun meungpeung aya kasempetan

Ayeuna mangsa nu éndah
Hayu urang suka bungah
Caang bulan opat belas
Narawangan ati bangblas

NU GEULIS

Balebat Pangharepan
Geulis..
lebah mana simpe nu teu mepende..??
pan ayeuna tilu wanci sineger na balandongan
handapeun kalakay janur nu ngajirim pasanggiri
antara kuring jeung anjeun nu nyanding
lebah kalangkang lamunan urang.

Geulis..
kaca pamungkas lalakon urang
geus kailo ku rasa sono
nu kiwari minuhan kasieup rangkulan anjeun.
marengan jentrengna kacapi suling

Geulis..
geus meujeuhna urang beber layar tarik jangkar
nyimpaykeun jaladri kaasih nu geus lila eunteup
hayu urang lalayaran dina ngeplakna sagara kaheman
meungpeung balebat can datang nembongan

MAPAG BULAN PUASA

Mapag Romadhon


ugrining lengkah mapaesan             sabelas sasih kapengker
A sa cikeneh ngolebat marengan       renghapna napas
S apada sapada ngawirahma               nganyam amal nu pasolengkrah
I cikibung masieup lalakon                kahirupan panjang
H aleuang kamelang teu weleh           ngalimpudan rasa nu loba salah
R enghap pangharepan mimiti             ngalangkang
O yag ngageterkeun hate nu               marudah
M apag sumpingna sasih                      Romadlon nu agung
nu pinuh ku kaberkahan
D uh.. Gusti nu Maha Heman.... !!
H oyogkeun hate abdi kana aturan    Gusti.. !!
O boran jiwa abdi ku kaasih Gusti..
N garah abdi sadaya tiasa                   ngalaksanakeun shaum luyu           sareng aturan Gusti..
    Amiin...... 

TUTUNGKUSAN KALBU






Yaa Alloh... 
Sujud abdi mung ka Gusti..
Nyuhunkeun panangtayungan tina kaawonan dunya sareng akherat
Oge mundut ditebihkeun tina adzab seuneu naraka
Nyuhunkeun di caketkeun sagala kasaean dunya sareng akherat


Ya Alloh…

Pasihan abdi kakiatan sareng kasabaran
Dina enggoning mayunan kasempatan hirup..
Anu tos dipaparin sareng di percantekeun ka abdi.. ya Allah..
Salami abdi tiasa ngarenghap sareng ngucapkeun asma Allah..
Abdi teu daya teu upaya ngalawan kana sagala ujian ti Gusti
Abdi teu daya teu upaya upami Gusti teu masihan kakiatan
Sareng mugi Gusti ngahapunten kana sagala rupi dosa abdi

SILOKA

Wilujeng Wengi

 

W anci beurang nu cikeneh Mar            engan
I lang kasilih digjayana peuting
L. alakon kahirupan nu tadi                    beurang di pilampah
U. kur jadi lalakon lawas nu moal        bisa dibalikan deui
J. adi catetan panjang nu moal            leungit sanajan sakecap
E. stu natrat dina ukiran sajarah            kahirupan
N. u baris nangtukeun bagja jeung      cilakana manusa
G uareun di alam nu bakal datang..

W. engi ieu urang sumujud kanu           Maha Kawasa
E. ncagkeun sagala lalangse hate
N. u baris jadi ruruhit kahirupan
G. uar deui lalakon kahirupan                anyar..
I. suk geto susuganan pinanggih         jeung kabagjaan.

SILOKA

KUPAT
Kiwari tinggal lalaku diri
Udagan hirup geusan mawa mangfa'at
Puasa nu jadi saksina
Ayeuna tinggal kalangkang
Tamprakeun hampura kanu Kawasa

Lur-larna jalma manggih kabungah
Estuning poho kana jati dirina
Beak sagala rupa peryoga
Alatan nembrakeun rasa kanya'ah
Raray marahmay pinuh kasedih
Anging ngarep silih hampura
Natrat kagurat dina manah sewang-sewangan

PEPELING

RUMASA
mun peuting teu daek meuting
datang mangsa beurang ngadon haredang
panon ngicep ukur sakicep
ngecap basa ukur sakecap

umur geus tunggang gunung
awak rajet hese ngejat
nu rek munut geus siap-siap
rek kamana atuh lumpat

geuningan umur teh ukur heureuyan
kamari asa cikeneh ayeuna geus erek mulang
kaduhung teu manggih tungtung
mangsa katukang moal kawilang

duh...gusti..hampura abdi!!
rumaos diri hamo pinu ku dosa!!
tebihkeun abdi ti siksa kubur!!
tebihkeun abdi ti siksa qiamat!!
tebihkeun abdi ti siksa naraka!!

naha atuh bet sieun disiksa?
ari hirup salawasna nyieun dosa...
kasaha urang menta hampura
Nya ka Allah nu Maha Kawasa

PEPELING

LAGU HIRUP

Unggal poe unggal lengkah

nataan tanggal dina kalender

angger aya nu diarep-arep

ari umur melesat henteu kajeueung

Dina beja dina carita

teu weleh aya nu miheulaan

warna-warni kajadian. Teu kapireng

da puguh katalimbeng rusiah

Dina sakeclak cimata. Aya kasedih

nu teu kedal. Dina kongkolak

kahirupan. Aya nu miang

teu mulang deui

GERING BATHIN

               Kapidangdung
Naha enya diri téh keur kapidangdung

Katalimbeng angen angen ,

Katambias pangharepan nu janten kasedih

kasarung dileuweung kabingung

Nyasab kamarcapada rasa nalangsa

ngangkleung dina sagara katunggaraan

Nya kedah kamana diri nyungsi pangharepan

Nu baheula kungsi némbongan,


GERENTES HATE

Ngalongkéwang
Butuh ku batur pihirupeun, pokna bangun dumareuda

Istuning nu tanggel waler lahir batin

Emas mirah buah haté

Badé satuhu ka pangersa...

Iraha atuh ,,,?imbang-imbang ku kabingbangan

Embohkeun katineung ati, haréwosna

Da dunya mah alam fana

Anu miroséa siang wengi,angkeuhan jeung pangharepan

Ya Allah ya robbi kabulkeun maksadna...

Asa ngalongkéwang waé katingalna

Ngadunga mah teu weléh kendat Gusti...

Kantenan kahoyong maksad mah mugi dikabul. Amin.

SILOKA


Jamparing asih geus mimiti ligar dina taman hate

Ayana rasa mimiti gumawang minuhan dada

Kanya'ah geus mimiti nyangkaruk dina taman hate

Ah... naon atuh ieu teh disebatna..??

Sanajan can kungsi tepung

Ukur jojorelatan di taman impian

Ngan rasa geus leuwih tiheula datangna

Dalah dikumaha..

Asih mah datangna tara kungsi bebeja

CEMPED HATE

BONGAN BOGA BEUTEUNG
Sagala kahayang datang ti dinya.

Teu saetik jalma téga hianat alatan jang nutupan eusi beuteung.

Teu saeutik jalma silih paéhan alatan marebutkeun eusi beuteung.

Teu saeutik jalma sarakah alatan minuhan eusi beuteung.

Teu saeutik jalma nu paséa alatan marebutkeun beuteung.

Teu saeutik jalma nu hayang minuhan beuteung sorangan teu ngarérét kanu leutik nu peujitna pupurilitan menta eusi.

Tanaga ayana dina beuteung, nafsu ayana dina beuteung.

Beuteung....beuteung jelema hirup nu nutur... nutur dunya poho akherat

SILOKA

WILUJENG ENJING

Wengi tadi anjeun datang dina impian 

Imut manis nenggorkeun rasa tibelat 

Lirihna kembang kaasih janten kanineung

Urang duaan silih pasimpay panangan

Jadi hiji katresna nu nyaliara 

Endah tur pinuh rasa mamanis 

Ngagupaykeun rasa kadeudeuh

Gandrungna kacinta ngamuara dina dada 

Estu janten rasa nu moal pudar

Nganteng mapaes dina sawangan 

Jungjunan salira tos wakca balaka

Iraha pasini geusan ngajadi 

Nyimpaykeun pasini jangji 

Galindeng kaheman laksana kabiruyungan 

KASABARAN


Pirang-pirang lalakon.. pirang-pirang papagon.. 

Pirang-pirang guguyon..pirang-pirang cipanon.. 

Satia ngeusian lambaran catetan kahirupan 

Kumalayang luhureun palalangon implengan 

Nu nembrak.. nu nyamuni.. nu nyaliwang 

Ririaban diayun ambing angin wanci 

Jadi reueuk.. jadi angkeub.. jadi girimis.. 

Ngepriskeun karumasaan diri … 
Geuning manusa mah éstu makhluk lemah 

Teu aya kakuatan anging pangersa manten_Na 

Cikénéh sempal guyon balakercakan 

Isukna kabéjakeun asup rumah sakit.. 

Ngan ukur kasabaran nu bakal jadi obat panawarna. 

UMUR


Jeujeur harupat tuluy ngipisan 

Indung suku tuturut péot 

Awak jadi budak 

Waragad teu walakaya 

Geuning teu di kawit teu di pungkas 

Kokojayan dina lantaran 

Sebrot hareudang hiliwir angin 

Ngaléngkah numut sarangéngé 

los kaditu los kadieu 

ngarenghap tuluy hah heh hoh 

mmm, ngajerit diudag seuri 

Nya ayeuna mah ayeuna... 

SILOKA

USUM HUJAN JEUNG BENCANA
Ungal poé langit ngan ceudeum waé
Siga nu rék turun hujan
Urang kudu ati ati
Meureun ieu téh rék ganti musin
Hawa karasana asa teu genah
Ulah poho mun indit inditan mawa jas hujan
Jigana mah musim teh keur pancaroba
Anu asalna usum halodo
Ngagayuh kana usum hujan

MIJIH
Mangsa halodo geus lekasan
Ibarat hiji rizki nu muragan
Jadi hiji kabagjaan pikeun urang
Ilang panas ngagalentarang
Harepan baseuh manjuran

BANJIR
Balukarna jalma nu sok miceun runtah sambarangan
Ayeuna bakal karasa ku balaréa
Naékna cai walungan nu moal bisa dihalangan
Jadi ciri rupa sifat-na manusa jaman ayeuna
Iraha atuh urang rék ngarti tur taliti?
Robahna usum kalakah mawa balai

MUSIBAH
Marengan datangna rizky
Urang masing ati ati
Sabab naon nu bakal karandapan
Ilahi robby nu ngersakeunana
Balukar tina rasa mokahana manusa,,
Ayeuna datang narajang
Hiji bencana bumi nu teu tiasa dipondah deui,

SABAR
Saestuna bagja jeung cilaka anging Allah nu nangtukeun
Alam mayapada ukur kakacaan lain saeunyana
Batin nu sabenerna nu kudu ditéang jeung dieusian
Allah resep ka jelema nu sabar tur tara elat ngadu'a
Rahmat mantenNa nu bakal mawa kabagjaan dunya jeung akhérat.

BENCANA
Banjir.. banjir.. jeung bajir..
Eta kalimat geus teu anéh deui
Nimpa ka sakumna warga
Citarum teu walakaya
Akibat ka saeur runtah
Nu mariceun sagawayah
Antukna jadi musibah

CITARUM
Ca'ahna dayeuh bandung
Iwal ti caahna cai kabendung
Taneuh lempung gugunungan
Ayeuna ukur sasakala
Robahna jaman jeung kahirupan
Ukur bisa nyarita salaksa guyonan
Mangkaning ieu lain heuheureuyan!

MATA KA SIMPE


Ngagambar sarébu mata kasimpé 

Mata. Merul tina sapasang panon anjeun 

Panon. Nu hanjat ka basisir, basa ombak 

Mulangkeun mangpirang sarah parahu tatu 

Jauh. Ti dasar sagara kasono 

Tepung deui jeung anjeun, suku langit 

Teu weléh maleukmeuk. Laut hawuk 

Sanggeus lawas nguluwut leungiteun sajak cinta, 

Layar-layar, camar, ungkara mutiara; iwal 

Sapasang panon anjeun nu haat balabuh 

Sabada taun-taun pajauh 

Kuring anteng ngagambar sarébu mata kasimpé 

Segak hégak warna. Muriang 

Ngaranggeum implengan, ngalenyepan 

Sarta ngaguratkeun isarah rindat-rindat 

Rusiah. Sarébu mata kasimpé 

Rabeng patinglémbéréh ngébréhkeun raheut sewang-sewang 

Lir sarébu parahu nu ngakut sarébu dunya 

Ti sarébu panyajak nu paragat dina kamar kecapna séwang-séwang 

Kuring ngababakan, mites-mites régang usum 

Ngawangun saung kasabaran. Sabab surti 

Lalampahan baris ka jaruji, lebah dieu, 

Gumulung jeung peurih kikisik 

Mun peuting, mun peuting nyéblokkeun kelemeng 

Kuring, jeung angin nu satia, nyerebungkeun durukan daun garing 

Ngawur-ngawur arak kana rengat hawa 

Sangkan warna langgeng mekar jeung rupa rusiahna 

Boa mangabad-abad, ngagambar sarébu mata kasimpé 

Mata. Tina sapasang panon anjeun 

Panon. Nu hanjat ka basisir 

Mulangkeun mangpirang sarah parahu tatu 

Jauh. Ti dasar sagara kasono 

GAMPARAN

kamari rundayan katineung rék dipalérkeun 
bongan mawa eurih 
nu ngageuri kana ati 
ngabudalkeun kingkin 
jeung rambisakna rasa 

tadi, 
ku naon salira ngaririhan deui 
mawa ibun sanajan sakeclak 
nu nyirungan deui katineung 
nu ngahaja rek disinglar 

duh gamparan, 
guligahna rasa 
hamo bisa disidem deui..

URANG SUNDA

Sunda surup kana tangtung
Sunda sieup ngumbang ka wandana
Sieup ngumbang ka wandana
Ajeg-adegna budi basana
Teu narakeun wawanena
Someah narima semah
Matak betah kanu ngadon bubuara
Tara ebreh pangartina
Teu nembongkeun ka bisana


SUMERAH PASRAH


Haté melang nyorangan nyawang ka tukang bray kalangkang, waas kagagas,

nyamper poe isuk di papag balebat ka béngbat, miceun katineung ngajangelek ka keuheul,

Haté hariwang sorangan, teu aya batur teu nyampak dulur, di baturan ku dalingding angin peuting, di pépéndé ku simpé, bisi isuk teu ka samper bisi pagéto teu teu ka waro,

Kedah kamana mawa awak nitip diri.?

Kedah kamana nyieuh ka sieun miceun ka tineung,?

Kedah kasaha nyieup teuteup nyimpay talatah.?

duh Gusti.......

Mung ka anjeun abdi sumerah diri, pasrah sumeurah ......... Kana taqdir diri.

SISINDIRAN

Sisindiran duda boga anak lima
koloyong kapal udara
katingal matak waasna
sok hoyong wanoh jeung duda
hanjakal anakna lima



ngaronda di leuwi panjang
aya domba nu dibawa
karunya neng Bibie Dayank
meunang duda anakna loba



Anak domba dahar saladah
papanting beda jeung balanak
Anak loba teu masalah
Nu penting dudana jinak



seureuh beureum -seureuh beureum
aya kuda di kaki lima
Riweuh meureun riweuh meureun
Komo duda anakna lima


NGUMBAR SAWANGAN


Anteng ngumbar sawangan
mangsa layung hibar mayungan
hate nyoreang kanu anggang
ngajugjug kanu dipigandrung

ngolebat dina lamunan
salira nu kapitineung
ngaharewos nitipkeun kamelang
ngahriring kawih nu maranti

Dina ayunan kasono
urang patepung lawung
ngagupay rasa pinuh kawaas
silih rangkul kahoncewang

citangis mapaesan rasa
ngawengku jeroning kalbu
ngemu katunggara nu pohara
midangdam katresna nu ilang sirna
ti anggang nitip kamelang
ku wujud kidung katineung
marengan hiliwir na angin peuting
mawa ratug kapidangdung.
marengan hibarna layung nu mayungan lembur,,
hate nyeredet dibarung ratugna jajantung
nu kagambar na kalangkang sawangan
kiceupna nyi mojang lenjang nenggorkeun imut pangirut
ayeuna datang nembongan,,

hanjakal,,,
datangna layung ngan sakedapan
tilem ku digjayana peuting
marengan leosna nyi mojang
duka kamana,,,,,,

simpena peuting mepende hate
kasilir ku hiliwir angin barja
kapireung hariring tineung
ngagalura dina wirahma tunggara


Duh Enung....
mung salira nu dipikacinta
raray anjeun ucang angge dina kongkolak panon
bluk nangkuban asa dihandapeun blak nangkarak asa diluhureun....


kolepat sumirat gumubyar
mapaesan wanci nu endah
sawangan mapay panineungan
ka mangsa tepung munggaran
aya harewos pinuh deudeuh
marengan datangna paturay tineung

duuh engkang,,
salira nu janten panutan rasa
siang wengi kaimpi impi
kapidangdam unggal waktu
nembongan dina sagala lamunan


Peuting teh,
ngalempay panjang, jungjunan
hate ngalenghoy disangkeh simpe
basa imut salira nutup lamunan
sajung jungeun diri hiber nemonan mawa katresna.

Enung.....
kunaon anjeun bet sulaya
katresna nu kungsi ngait
palid kabawa caah, nyangsang dimana boa
ranggeuyan kaheman, ayeuna garing tinggal regangna....
duh Enung.....
liwung gandrung ku salira
honcewang pinuh kamelang
sok inggis mamanis ilang sarina
mungguh diri urang paanggang

duuuuuuuuuuuh engkang,,
teu wasa diri sulaya jangji
taya niat ngolembarkeun pasini
geuning duriat pegat kageugeutna
kaheman laas wening asihna

sanajan ukur kokolebatan
urang kungsi patepung paadu teuteup
harewos anjeun ngagalindeng pinuh wirahma
ubar keur diri anu kalangsu
sanajan nganl ukur sabengbatan
kabengbat rassa tibelat
sumeblak hate gumulung kapidangdung
ramo kanyaah nyimpaykeun tali duriat
nungtun kalbu ka mumunggang katresna

MALATI LIGAR DINA WANCI JANARI


Malati ligar dina wanci janari

marengan rongheap harepan diri

Nyurup mangsa hamo panggih deui


miharep lengkah nyanding Rezeki

Paparin ti Gusti nu Maha Suci


Campaka mangkrak tepat mangsa


Nganteur raga rumingkang dialam dunya


Dibarengan jeung Qodo katut Qodarna


Nu nangtukeun bagja cilakana hiji Jalma


Papasten ti Allah nu Maha Kawasa




Gupay Kamelang


Gupay kamelang marengan lengkah panjang

Nyarungsum kalbu kebek kabingung

Hate seja neang kaheman nu lawas ilang

Kiwari ukur tinggal rasa kagandrung

kamana kedah ngungsikeun kanyeri

nu kapatri dina ati sanubari

mungguh diri katalimbeng tunggara

kasarung dileuweung baluweng

Diri seja nyungsi kadeudeuh baheula

nu ayeuna duka dimana ngancikna

katineung teu weleh manteng

Naha katresna masih manjing jeung endahna



Di tempas ku......

teu kedah ngumbar tibelat
wakca ngedalkeun rasa nu miragadenda
da hirup mah estuning diugung ugung ku payung
diamprok amprok ku alok,,,

tuh geura tingali,,,
tampian masih keneh angger nu baheula
minuhan kalangkang jampana rasa
ramisak ngantos galindeng soanten salira
nyangkeh pageuh nyangcang kageugeut

Wasiat konglomerat

lamun apih paeh
pangbungkuskeun ku salambar boeh
ladang ngeleketek
tina rupa"proyek

lamun apih nemahan pati
pang meserkeun padung jati
ladang ngumpulkeun komisi
jeung rupa"korupsi

kontrak" nu can di teken
jeung SPK_SPK nu can dilaksanakeun
awurkeun luhuran paesan
na tetengger heg tulisan
Apih konglomerat tauladan

Babasaan urang sunda

Nalungtik Bahasa Sunda - Istilah dina bahasa sunda nu ampir tilem


GEREMBEL:
Kumpulan tatangkalan nu rada rembet, tapi teu biasa dipake nyumput sasatoan

GUPITAN
 : Jalan heureut (sarupa jalan satapak) antara dua lamping

HUNYUR
 : Imah rinyuh atawa taneuh nu mucunghul, pasir leutik

HUM
A : Sawah darat, kebon nu dipake melake par tur tara dikocoran cai

JALAN HUNI
 : Lolongkrang tincakkeun antara pepelakan di kebon

JALAN JAJAHAN
 : Jalan gedenu bisa dipaké ngaliwat kandaraan

JALAN SATAPAK
 : Jalan nu ngan bisa diliwatan ku jelema

JONTOR
 : Taneuh anu nyodor ka laut

JUNGKRANG
 : Legok anu jero sarta gurawes 

KUBANGAN
 : Tempat nu ledok 
(biasana di sawah atawa di balong) paranti mandi munding

KAMALIR 
: Jalan cai leutik

KOBAKAN
 : Lobang di tegalan anu aya caian

KEREES : Tempat di sisi walungan anu réa keusikan

KEBON 
: Taneuh darat nu dipake melak rupa-rupa pepelakan

LANDEUH
 : Taneuh atawa tempat nu leuwih handap ti tempat urang cicing

LEBAK
 : Tempat nu leuwih handap

LENGKONG
 : Tempat legok jeung jero di antara dua lamping

LAMPING
  : Tempat di gunung antara puncak jeung tutugan

jeung saterusna...

LEMBUR KURING


tanggara..
Marengan hibarna cahaya layung..

Mapag datangna indung peuting

Kuring ngajanteng salila lila..

Neuteup runggunukna pilemburan..

Nu kalingkung ngeplakna pasawahan..

Tempat kuring reureuh..

Tempat kuring macangkrama jeung baraya..

Lembur kuring...

Sanajan ayana di tepis wiring..

Kuring bagja...

Dilahirkeun di sarakan pamidangan..

Nu nyuguhkeun katengtreman..
Waas...

lembur sikngkur di lingkung ku pagunungan.dina waktu pasosore,tonggeret mimiti rame,nandakeun sore dek pamit,ngabagyakeun datang burit.layung koneng mimiti tembong hibar caang tibelah kulon,nganteurkeun surya rek indit,ditembangan ku sora azan.ngajak ngalaksanakeun kawajiban

ASIH PANGANGGEUSAN

 

Haté was was..

Niat rék wakca kedal .. meneran sareupna

Ngarah isuk, tanjakan henteu jadi liliwatan cimata

Hanjakal ..

Kembang cangkring ngangahalangan paniatan

nyingraykeun tegér haté nu ngait handapeun halis

Padahal...

Congo jodo nu ngaputan implengan

ngukuntit pangharepan nu ririakan dina dada

Ayeuna...

waktu jajangkung miteskeun peuting

Simpay harupat geus nilemkeun jangji urang

Hampura... lain akang cidra..


LENYEPANEUN




Ujang nu kasep... !!
Sing jadi lalaki langit lalandang jagat..
Anu teu unggut kalinduan .. gedag kaanginan
Anu ngabogaan prinsip..
Suka pejét batan ngejat..
Kajeun lebur teu lebar naruhkeun pati..
Dina ngabélaan kahormatan kulawarga..
Omat...
Sing jadi tuturus laku enggoning sumujud kanu Maha Agung..
Jadi pola lampah dina papantunan hirup..
Hidep teh bénténg di rumah tangga..

Nyai nu geulis.... !!
Sing jadi istri raspati.. anu tumut turut ka salaki
Nu tara aral dina nyinghareupan galura kahirupan
Sing bisa ngajaga kaharmonisan rumah tangga
Mihapekeun...
Meunang rizki saeutik sing bisa mahi..
Meunang rizki loba sing jadi barokah..
Omat..
Kaharmonisan kulawarga, aya dina leungeun hidep..

Ujang... Nyai.... !!
Sok teuleuman ieu kahirupan..
Ulah loba pacéngkadan..
Geura amparkeun sajadah panjang..
Pasrah sumerah kanu Maha kawasa..
Indung bapa hidep...
Marengan sapanjang jalan..

Cag..

TUNGGARA


T. ungkusan katresna
U. kur ngolebat ngajauhan
N. inggalkeun rasa katineung
G. ugupay lir pileuleuyan
G. udawang ngarakrak dada
A. tra guratna tapak tapak cinta
R. enghap napas pinuh tunggara
A. sih teh reuntas di jalan